🇮🇩 tonton subcribe like & shared ☕
6 Dalem Adipati Panaekan [Versi 1] .
1 Mundinglaya Dikusumah Salaka Domas (Mundingsari Ageung) Ajar Kutamangu
SABUDERAN KARAJAAN ISLAM PANJALU
Nukilan carita tina WAG (puzle history of noname) by Ki Damargiri
***
Lamun dibandungan lajuna sajarah, Karajaan Panjalu bisa dibagi sababaraha periode. Dina pedaran didieu, nyobi ngabagi janten opat periode, nyaeta :
1. Periode Kabataraan.
2. Periode Karajaan Hindu-Budha Jeung Sunda Wiwitan.
3. Periode Karajaan Islam.
4. Periode Kaadipatian.
Dina periode kahiji, saleresna teu acan aya struktur pamarentahan, teu aya unsur-unsur sanesna anu pantes disebut nagara, janten teu acan ngadeg, naon nu disebat Karajaan Panjalu. Malah dina periode ieu oge teu acan kauninga aya nami Panjalu. Dina periode ieu mah nembe aya Kabataraan nyaeta "Kabuyutan Sawal" atanapi "Rabuyut Sawal". Sok sanaos teu bisa dipungkir yen sabenerna kabataraan sawal teh anu jadi "embrio" lahirna Karajaan Panjalu.
Numutkeun babad Panjalu, Kabuyutan Sawal diadegkeun tur disesepuhan ku Batara Tesnajati di Karantenan Gunung Sawal. Nanging dina babad eta, teu aya pedaran rinci tur logis, saha jeung timana asal-muasalna Batara Tesnajati, salian ti penjelasan irrasional yen Batara Tesnajati teh jelmaan Dewa.
Aya nu menarik tina versi anu ngaitkeun Karajaan Panjalu-Kadiri sareng Kabuyutan Sawal. Ngawitan na mah nyandak dasar tina Kitab Nagara Kertagama, anu nerangkeun yen Prabu Kertajajaya (Raja Panjalu - Kediri) waktos diudag-udag ku Ken Arok nyamuni di "Dewalaya".
Tina kecap dewalaya aya dua tafsir anu beda. Kahiji, nafsirkeun kecap Dewalaya teh tempat suci para dewa atanapi nirwana. Ku kituna diangge dasar kanggo nyimpulkeun yen Prabu Kertajaya teh pupus ku Kerisna Ken Arok dilajengkeun hirup di alam Nirwana. Kadua, aya nu nafsirkeun yen kecap dewalaya teh nunjukkeun kana tempat suci paranti nyakrawati para batara, ngado'a ka para dewa, anu disebat Kabataraan atanapi Kabuyutan tea. Pendapat ieu nyimpulkeun yen Prabu Kertajaya teh saleresna henteu pupus, tapi nyamuni di salah sahiji kabataraan atanapi kabuyutan kuloneun Panjalu-Kediri. Margi arah lumpatna Prabu Kertajaya teh ka palih kulon. Malah tegas nyebatkeun yen Kertajaya nyumput di Kabuyutan Sawal.
Anu ayeuna ku urang dipiwanoh nami Batara Tesnajati, salerena Prabu Kertajaya Raja Panjalu-Kediri. Saurna, aya "kesamaan" nami Panjalu teh sanes hal anu kaleresan. Prabu Rangga Sakti, teureuh Batara Tesnajati, dina ngadegkeun hiji nagara henteu sagawayah masihan nami karajaan kitu bae. Anjeun na tangtos uninga timana bibit-buit luluhurna. Anjeun na apal yen "moyangna" pernah jadi raja. Ku kituna karajaan anu di adegkeun dingaranan Panjalu kanggo moment malikeun kasuksesan anu pernah kahontal ku luluhurna di Panjalu-Kediri.
Dina Carita Parahyangan, hasil gawe Pangeran Wangsakerta Cirebon, kasabit ayana kecap Rabuyut Sawal, kitu oge dumeh nyaritakeun Sanjaya di jurung ku Batara Wanayasa kanggo nyandak Pustaka Ratuning Bala Sarewu ti Rabuyut Sawal. Sanaos ngan kaulas sakecap, nanging ageung pisan hartosna, margi ngabuktoskeun yen Rabuyut Sawal teh aya.
Batara Tesnajati kagungan putra nyaeta Batara Layah, anu sakajengna ngagentos kalungguhan ramana. Batara Layah kagungan putra nyaeta Batara Karimun Putih. Batara Karimun Putih ngagentos ramana mingpin Kabuyutan Sawal anu patilasanna aya di Pasir kaputihan Gunung Sawal.
Kabuyutan Sawal ngan ngalaman tilu batara, margi turunan Batara Karimun Putih nyaeta Batara Rangga Gumilang atanapi Ranggga Sakti, sok sanaos anjeun na ngagentos janten Batara, nanging waktos harita mah masa kabataraan tos lekasan. Prabu Rangga Sakti ngadegkeun hiji karajaan nyaeta Karajaan Panjalu anu pusat pamarentahan na aya di Dayeuh Luhur Maparah. Karajaan Panjalu dina periode sajarah ieu nunjukkeun corak agama Hindu-Budha, ku kituna lebet kana periode kerajaan Hindu-budha.
Periode kadua atanapi periode Karajaan Panjalu Hindu-Budha, ngalaman opat Raja, nyaeta :
1. Prabu Rangga Sakti
2. Prabu Sanghyang Lembu Sampulur I
3. Prabu Cakradewa
4. Prabu Sanghyang Lembu Sampulur II
Waktos ngadegna Karajaan Panjalu, nu dipitembeyan ku Prabu Rangga Sakti, netepkeun purasaba (ibu kota) di Dayeuh Luhur Maparah. Margi di Karantenan atanapi Pasir Kaputihan Gunung Sawal dianggap periode kabataraan parantos lekasan.
Prabu Rangga Sakti nikah ka putri ti Galuh (Gunung Bitung) nyaeta Ratu Permanadewi. Singhoreng ngadegna karajaan Panjalu ku Sanghyang Rangga Sakti teh henteu ujug-ujug kitu bae tina kabataraan sawal jadi karajaan, nanging ngalangkungan proses anu unik, dimana kawitna diwewengkon eta aya Ratu anu nyakrawati nyaeta Ratu Permana Dewi.
Numutkeun Sajarah Panjalu anu nyampak di "Yayasan Boros Ngora" netelakeun yen awal ngadegna Karajaan Panjalu teh mangrupi gabungan antara dua institusi nyaeta Karajaan Gunung Bitung sareng Kabataraan Sawal.
Disebatkeun yen baheula, di kawasan anu disebat Panjalu ayeuna, ngadeg hiji karajaan Gunung Bitung anu katelah Karajaan Soko Galuh. Anu ngawitan mingpin karajaan Soko Galuh nyaeta Sanghyang Tunggal, anu salajengna ngawariskeun tahta karajaan ka Batara Babar Sajagat sareng Sanghyang Cipta Permanadewa.
Sanghyang Cipta Permanadewa gaduh katurunan, tilu urang putra kembar, nyaeta:
1. Sanghyang Bleg Tambleg, Raja Gulingan.
2. Sanghyang Pamunggang, Sang Rumanghyang.
3. Ratu Permana Dewi
Ari Sanghyang Bleg Tambleg teh ngawasa elmu kadunyaan, anu salajengna bubuara ka Kuningan, sedengkeun Sanghyang Pamunggang ngawasa elmu Kadugalan tur salajengna bubuara di Talaga. Ratu Permanadewi ngawasa elmu Karahayuan salajengna teras calik ngaratuan di Karajaan Gunung Bitung.
Ratu Permanadewi salajengna di pigarwa ku saurang batara ti Kabuyutan Sawal Karantenan, nyaeta Batara Rangga Gumilang atanapi Batara Rangga Sakti. Salajengna ngadegkeun Karajaan Panjalu di Dayeuh Luhur Maparah. Janten numutkeun versi Yayasan Boros Ngora mah, ngadegna Karajaan Panjalu teh gabungan ti Karajaan Bitung anu dicepeng ku Ratu Permanadewi sareng Kabataraan Sawal anu dicepeng ku Batara Rangga Sakti.
Aya bentenna silsilah Kabuyutan Sawal anu dipedar ku Yayasan Boros Ngora mah, nyaeta Batara Rangga Sakti disebatkeun sanes katurunan kahiji (putra) Batara Karimun Putih nanging disebatkeun putuna. Putra Batara Karimun Putih mah nyaeta Sang Marangga Sakti, ramana Batara Rangga Sakti.
Mungkin bae Babad Panjalu oge sumber sejarah sanes kalebet sumber google dina nyusun kabuyutan Sawal ti Karimun Putih langsung ka Rangga Sakti teh dumeh dina judulna oge Susunan Para Batara sanes Silsilah Keluarga (geneologis). Ageung kamungkinan Sang Marangga Sakti mah henteu pernah nyepeng Kabataran Sawal, numawi susunan kabataraan sawal ti Karimun Putih langsung ka Batara Rangga Sakti.
Nanging kamana saterasna Sang Marangga Sakti sareng saha bae seuweuna salian ti Rangg Sakti, teu acan aya sumber sejarah anu tiasa netelakeun.
Tina pernikahan sareng Ratu Permanadewi, Sanghyang Rangga Sakti kanggungan putra jenengan na Sanghyang Lembu Sampulur. Saatosna Prabu Rangga Sakti pupus, kalungguhan raja lungsur ka putrana. Patilasan Rangga Sakti aya di Cipanjalu.
Prabu Sanghyang Lembu Sampulur I anu naek kalungguhan raja Panjalu ngagentos ramana, Salajengna di lungsurkeun ka putrana nyaeta Prabu Sanghyang Cakradewa.
Prabu Cakradewa kangungan garwa seuweu Galuh nyaeta Ratu Sari Kidang Pananjung. Ti anjeun na kagungan putra/putri genep urang, nyaeta:
1) Sanghyang Lembu Sampulur II,
2)Â Sanghyang Borosngora,
3) Sanghyang Panji Barani,
4) Sanghyang Anggarunting,
5) Ratu Mamprang Kancana Artaswayang,
6) Ratu Pundut Agung
Numutkeun Babad Panjalu, Prabu Cakradewa janten Raja Panjalu, adil tur bijaksana. Nuju dicangking ku anjeuna, Panjalu janten karajaan nu makmur tur dipiajrih ku karajaan sanes.
Islamisasi Karajaan Panjalu.
Dina hiji waktos, Sang Raja ngadugikeun kahoyongna yen lamun jaga geus tawehwoh kolot, anjeun na hoyong "ngadeg pinandita", bade tapa brata janten resi tur bade ngatunkeun kalungguhan. Kumargi kitu anjeun ngangkat wirasaba, putra pangcikalna nyaeta Prabu Sanghyang Lembu Sampulur II. Sedengkeun putra kadua, nyaeta Prabu Sanghyang Borosngora, dipersiapkeun janten Patih atanapi Senapati Yuda (Panglima Perang).
Kumargi kitu, Prabu Borosngora dijurungkeun angkat ku ramana supados ngalalana nepangan para brahmana permana tingal, resi sakti, wiku linuhung disakuliah tanah Jawa, supados ngawasa sagala elmu kasakten tur elmu olah perang.
Selang sababaraha taun, salajengna Prabu Borosngora mulih ti pangumbaraan ka lemburna, dibageakeun ku acara panyambutan meriah di Kaprabon Dayeuh Luhur. Prabu Cakradewa anu jadi rama ngaraos baluas ningali putra nembe sumping tos ngantunkeun lembur sakitu lamina.
Dina hiji acara, Sang Rama nyuhunkeun Prabu Borosngora mintonkeun atraksi adu pedang ngalawan rakana, Prabu Lembu Sampulur. Maksadna mah hoyong nimbang dugi kamana pangawasa elmu pedang hasil bubuara.
Waktos kadua pangeran tarung, silih deseh silih serang, sarua sakti jeung tarapisna ngagunakeun elmu pedang. Kalayan teu kahaja, congo pedang Prabu Sampulur II nu kacida seukeutna nurih jubah Prabu Borosngora dugi ka soeh. Bitis Prabu Borosngora ngaboleklak, katingal ku rama na aya rajah (tatto) nandakeun nubogana muhit "elmu hitam".
Eta teh mangrupa hal anu dipahing pisan ku papagon urang panjalu, margi falsafah panjalu nangtukeun " mangan, karana halal. pake karana suci, tekad, ucap lampah sabhenere". Atuh Sang rama Prabu Cakradewa (Cakradewa=Cakraningrat?, pen) teh kacida benduna mireungeuh putrana kitu teh.
Langsung Sang Raja marentahkeun Prabu Borosngora supaya miceun elmu nu nu dipantang. Tur diparentahkeun supaya nyiar elmu sajati anu bisa nungtun kana jalan kasalametan. Pikeun nandakeun sang putra geus nyangking elmu sampurna nu dipikaharep ku ramana, Prabu Borosngora dibekelan "Gayung Kerancang" nyaeta sisiuk tina batok kalapa anu marolongo. "Lamun hidep geus kataekan ngalap elmu sampurna, tangtu bisa nyiuk cai make gayung karancang", kitu wejangan Prabu Cakradewa (/Cakraningrat?) ka putrana.
Kanggo kadua kalina Prabu Borosngora ngantunkeun Kaprabuan Dayeuh Luhur, tapi dina waktu ieu mah anjeun na angkat teu puguh jugjugan. Mapah sakaparan-paran, asup jeung kaluar leuweung geledegan. Malipir pasir lungkawing, nyorang jungkrang longkewang geus jadi pagawean unggal poe. Kadang-kadang kudu naratas tegalan panjang bari katojo panasna sarangenge. Matak lungse matak cape, matak leuseuh ku halabhab. Antukna kalah wowotan. Najan awak perkasa, dedeg seseg tur kuat, tapi ahirna Prabu Borosngora teu mampu ngungkulan kakuatan alam. Anjeuna geus teu kiateun ngalengkahkeun suku-suku acan, ongkoh samemehna ge mapahna teh geus disesered, kundang iteuk. Bruk... Sang Pangeran nu perkasa teh nyuksruk mung untung ngan nepi ka deku. Titingalian na kararoneng, bari alam karasa oyag. Ku sesa tanaga nu aya, anjeun na maksakeun ngorondang ngadeukeutan batu demprak handapeun tangkal caringin nu teu pati jauh ti tempat labuh anjeuna.
Sabenerna lain hayang ngungkulan "keras na alam" wungkul nu jadi kabeubeurat pikir Prabu Borosngora teh, tapi leuwih utamana kumaha nedunan kahayang sepuh kudu miboga elmu sampurna nu sajati anu bisa mawa hirup salamet. Ngan elmu naon atuh, eta ngaranana?, anjeun na can ngarti jeung teu kaharti. Komo bari kudu bisa neguh dimana ayana mah, bagi pikir anjeun na mah poek mongkleng.
Abong ge teureuh Sang Resi Tesnajati anu luhung ku elmu, lega pangabisa, dihenteu-henteu ge baris nitis kabuyutna, Prabu Borosngora langsung sila luhureun batu. Sidakep sinuku tunggal, ngahijikeun sukma jeung raga. Bari meureumkeun soca neda-neda kanu kawasa ngusik-malikeun kahirupan sakabeh alam, kalawan manahna pasrah-sumerah, ngangken yen kamampuan manusa mah tuna daya, tuna upaya.
Pinasti Gusti Yang Widi, mun ngucap pasti ngajadi, dina waktu harita Prabu Borosngora nampi pituduh. Duka ngalangkungan impenenan, duka memang aya sora tanpa rupa. Teu penting hal eta mah, da nu penting mah eusi pituduhna. Cenah, elmu anu nuju dipilari ku Prabu Borosngora teh ayana dipeuntaseun lautan, ditempat nu hese ku cai, loba gunung tina keusik jeung jarang tatangkalan. Inyana teu kungsi hese neangan tempat nu dimaksud jeung mikiran kumaha meuntas lautan, da geus nyampak palapah upih nu baris bisa di pake kendaraan jeung nuduhkeun tempatna.
Prabu Borosngora gugah tina menekung tatapa. Barang bray beunta, kareret dina handapeun Caringin aya palapah upih garing ngagoler. Gep, palapah upih dicokot, kuniang hudang, terus leumpang nuju kabeulah kulon. Ayeuna mah salira Prabu Borosngora ngadadak jagjag tur seger, da eta leumpang sakedapan ge geus anjog ka sisi basisir. Sing horeng tempat Prabu Borosngora tadi tatapa teh teu jauh ti basisir paling kulon Jawadwipa (mungkin kapungkur ngahiji keneh pulau jawa sareng sumatera ?, pen).
Meureun mun ayeuna mah disebutna teh Ujung Kulon.
Sababaraha lila Prabu Borosngora ngarasakeun kaendahan laut jeung basisir. Kitu na mah anjeun na teh kaasup urang Gunung, jadi loba kaanehan nu karasa nempo laut teh. Anjeun na calik luhureun batu sisi basisir. Sampean duanana dirumbaykeun kana cai laut, bari dikupyak-kupyak kawas budak keur ulin. Teu karaoseun, palapah upih ragrag ka laut semedeng ombak pating sariak. Lajeng, Prabu Borosngora nyologorkeun sampean katuhuna, maksadna bade nyapit palapah upih ku jempol na. Nanging nembe ge sampean na antel kana palapah upih, salira pangeran sepertos aya anu ngadudut ka laut. Gubbyaarr anjeun na tigujubar, teu lami sieet....sieet.... kacandak ka tengah laut. Anehna, sang pangeran henteu ti kerelep tapi katingal ngadeg dina beungeut cai. Lamun ayeuna mah kawas jalmi nuju ngadeg di luhur "papan selancar".
Lajuna palapah upih kacida tarikna. Ku itungan kiceup, sang pangeran tos katingal celat-celat ngadeg dina suku langit. Lamun tea para ahli fisika kiwari ngitung make "kecepatan cahaya", mereun lajuna palapah upih teh mapakan eta. Da buktina samemeh Ki dalang ngarengsekeun dongeng, bari jeung can sempet nginum cikopi, Prabu Borosngora tos dugi di Jaljirah Arab.
Sabada Prabu Borosngora nincakeun dampal di Jaljirah Arab, lajeng anjeuna ngalalana ka unggal tempat, turas-taros ka saban jalmi dimana ayana elmu sampurna.
Dina waktos harita urang Arab teu ngartieun kana naon anu dimaksad ku pangeran ti Panjalu teh, disagigireun bahasana dianggap aneh, lolobana kasauran Prabu Borosngora ngangge pepeta. Ngan kaleresan aya saurang sodagar Arab anu pernah bubuara di wewengkon karajaan Singhapura Cirebon. Ceunah anjeuna pernah dagang di tanah Jawa mang taun-taun, malah pernah ngalaman ka Karajaan Panjalu sagala.
Ari urang Arab harita, ka sakabeh pendatang asal ti nusantara, rek asal ti sumatra, kalimantan, jeung timana wae, kaasup ti tatar sunda, tetep be disebut na teh Al-Jawi atawa urang Jawa (kintenna kitu harita mah. Padahal sunda langkung tipayun memeh dikenal ku bangsa nu atos mangrupa-rupa, pen).
Waktu anu disebut Al-Jawi tepung jeung sodagar eta di tanah Arab, maranehna bisa ngobrol omhang kawas nu geus lila wanoh. Sabab na mah sang sodagar teh geus bisa bahasa sunda. Tina hasil wangkongan jeung Al-Jawi, Sang Sodagar jadi apal yen anu diajak cacarita teh saurang pangeran ti Panjalu. Jeung nyaho naon anu dipimaksud Pangeran Panjalu, jauh-jauh datang ka Arab.
Pikeun Sang Sodagar anu ti bubudak geus jadi muslim mah, cop be boga pikiran yen Allah rek masihan Hidayah ka saurang pangeran ti karajaan anu kacida jauhna. Elmu Sajati tur Sampurna, anu bisa nyalametkeun hirup di dunya tur aherat, elmu nu keur diteangan ku Pangeran Panjalu teh, dina pamahaman sodagar mah taya sanes Din Al Islam. Agama Islam anu mere rakhmat jeung kasalametan ka sakuliah alam. Numawi, salajengna Sodagar masihan pituduh ka Prabu Borosngora supados nepangan hiji sepuh nu aya di Kota Mekah. Ngahaja anjeun na teu langsung nyebatkeun nami, yen anu kedah di tepangan teh Sahabat Rosulullah, nyaeta Sayidina Ali Radiyallahu anhu, supados perjalanan kerohanian sang pangeran dirandapan ku perjuangan.
Kacarioskeun di saluareun Kota Mekah, disisi Gurun Pasir, aya tenda anu dilinggihan ku saurang sesepuh nuju nyerat ngangge Kalam, atanapi gagang pena.
Duka dumeh jadi Pangeran anu ngarasa kumawasa jeung jadi jawara taya tanding atawa duka pedah beda budaya, Prabu Borosngora kalayan jumawa norojog tanpa latapan, teu punten teu sampurasun, sumawonan uluksalam sakumaha kabiasaan muslim, tabir tenda langsung disuaykeun bari teras ngabedega payuneun kasepuhan Mekah.
Kasepuhan pura-pura reuwas, ngagebeg kasumpingan tamu nu ngadadak. Kalam anu dicepeng ku anjeuna, sapada harita ragrag tur nanceb dina keusik. Kasepuhan misterius mangloh ka Sang Pangeran dumeh norojol teu uluksalam dugi ka kalamna ragrag. Padahal saleresna ngahaja anjeun na ngaragragkeun pena hoyong ngadoja kadigjayaan Pangeran Panjalu anu ngarasa jumawa miboga kasaktian.
Salajengna kasepuhan naroskeun naon kaperyogian dugi ka norojog tanpa larapan. Prabu Borosngora ngajelaskeun yen dirina keur milari elmu sajati, oge aya nu nuduhkeun kedah nepangan anjeun. Kasepuhan anu taya sanes Sayidina Ali ngan ukur imut ngabandungan kasauran Prabu Borosngora kitu teh. Anjeun na neuteup seukeut kana raray Prabu Borosngora tur miwarang pang nyandakeun kalam nu naceb dina keusik.
Sang pangeran enggal-enggal nedunan kahoyong Sayidina Ali. Kawitna mah nyapelekeun, nyandak kalam teh dijiwir ku ramo tutunjuk jeung indung leungeun. Tapi karasana pageuh. Lajeng Kalam di ranggeum ku leungeun tengen, dicabut rada make tanaga. Tapi si kalam tetep pageuh nanceb dina keusik. Antukna Prabu Borosngora ngagunakeun dua panangan nyabut kalam bari ngajegang masang kuda-kuda. Malah Kalam teh teu usik sakedik-kedik acan. Panasaran, Prabu Borosngora mapatkeun jampe pamake pamusat tanaga. Tapi batan kalam kacabut, kalah Prabu Borosngora ku anjeun anu luut-leet kesang bari ngalempreh seep tanaga.
Ti dinya nembe Sang Pangeran, Calon Senapati Yuda Karajaan Panjalu teh sadar yen sesepuh anu dipayunan teh lain jelema jore-jore. Sabage Pangeran nu miboga jiwa ksatria, Prabu Borosngora enggal-enggal ngarawu sampean Sayidina Ali nyuhunkeun dihapunten tos kumawantun tur lancang ka anjeun na. Bari ngangken pinunjulna elmu nu di kawasa ku Sayidina Ali. Prabu Borosngora lumengis nyuhunkeun diwaris elmu pinunjul kawas kitu. Saiyidina Ali ngan ngajengkeun syarat kedah ngucapkeun lapad "Laa ilaha Ilallahu, Muhammadarasulullah". Satosna sababaraha kali nurutan ucapan Sayidina Ali bari balelol, ahirna Prabu Borosngora tiasa ngucapkeun Kalimat Syahadat, kalayan lancar. Teu sakara-kara Kalam nu nanceb teh molonyon dicabutna.
Saatosna kajadian tadi, Prabu Borosngora lebet Islam tur lami mukim di Mekah kanggo memperdalam Agama. Dugi kana waktosna tos pinuh ku pangaweruh agama islam, Prabu Borosngora dipasihan amanat supados nyebarkeun syiar islam di lembur asalna tur dibekelan Cindramata mangrupi Pedang, Cis sareng jubah. Malah Prabu Borosngora anu tos gentos nami janten Mohammad Abdul Iman, nyempat keun nyiuk cai Zam-zam ku Gayung Karancang. Anehna Cai dina gayung teu ngeclak-ngeclak acan sanajan wadahna marolongo.
Bagja kacida, geuning anu dimaksad elmu Sajati ku ramana teh ternyata Syariat Islam.
Paingan, baheula keur leutik sok ngadenge dongeng tinu jadi aki (seuweu panjalu) yen ramana Prabu Borosngora mah lain pangagem agama Hindu-Budha, tapi ngagem Sunda wiwitan.
Ari ajaran Sunda Wiwitan, cenah dina prinsipna sapatotos jeung ajaran Islam, tah numawi dina ngislamkeun tatar Sunda, ceunah langkung lancar tur gampil.
wAllohu_a'lam
#CAG